Kamis, 08 Februari 2018

HAKEKAT SHAUM

Hakekat Shaum
السلام عليكم ورحمةالله وبركاته
اَلْحَمْدُللهِ الَّذِىْ كُتِبَ عَلَيْنَاالصِّيَامْ.اَشْهَدُ اَنْ لَّااِلَهَ إِلَّااللهُ ذُوْالْفَضْلِ وَالنِّعَامِ.وَاَشْهَدُاَنَّ مُحَمَّدً عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَاحِبُ الْكَرَامَةِ عَلى تَمَامِ.وَالصَّلَاةُوَالسَّلَامُ عَلىَ خَيْرٍالْأنَامِ.وَعَلى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ الْكِرَامِ.اَمَّابَعْدُ.فَيَآأيُّهَاالْحَاضِرُوْنَ إِتَّقُوْاللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ عَلَى مَمَرِّالدُّهُوْرِوَالأيَّامِ. أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ يَآأَيُّهَاالَّذِيْنَ آمَنُوْاكُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَاكُتِبَ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكَمْ تَتَّقُوْنَ.
Hadlirin Akhli Jum’ah nu dimulyakeun ku Allah !
Ngalangkungan hutbah awal anu kalayan ringkes ieu. Ari sadaya puji eta tetep kagunngan Allah SWT. anu tos ngawajibkeun urang sadayana kana ngalakonan ibadah shaum, sim abdi nyaksian kana yen saestuna teu aya deui Pangeran anu hak disembah anging Gusti Allah, anu ngagaduhan kautamian sareng pirang kanikmatan, sareng sim Abdi nyaksian kana yen saetuna Kanjeng Nabi Muhammad SAW. eta hambana Allah sareng RasulNa anu ngagaduhan mu’jijat anu sampurna. Shalawat miwah salam eta mugi tetep ka pang sae-saena makhluk buktosna Kanjeng Nabi Muhammad SAW, sareng ka kulawargina, para shahabatna, anu marulya, sarta para dugi ka ummat anu mikacinta ka Mantenna dugi ka Yaomal Qiyamah.
Saparantos maos basmalah, hamdalah, shalawat miwah salam ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Kawajiban nu janten Khotib ngawasiatan khususna kanggo diri khotib umum na kanggo hadlirin sadayana, kalawan wasiat taqwa, kumargi kitu mangga urang sami-sami ningkatkeun kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo ngahontal kabagjaan di dunya parat nepi akhirat.
Tina sapalih ajaran taqwa nyaeta ngalakonan ibadah shaum, sakumaha anu tos kaunggel dina Al-Qur’an surat Al-Baqarah ayat 183.
يَآأَيُّهَاالَّذِيْنَ آمَنُوْاكُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَاكُتِبَ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكَمْ تَتَّقُوْنَ.
Hartosna : He jalma-jalma iman tos diwajibkeun ka aranjeun sadaya kan nglakonan ibadah shaum sakumaha tos diwajibkeun ka ummat-ummat samemeh aranjeun, supaya aranjeun jadi jalma-jalma anu taqwa. (QS. Al-Baqarah ayat 183)
Hadlirin Akhli Jum’ah nu dimulyakeun ku Allah !
Alhamdulilah dina Jum’at ieu urang sadaya parantos kana tahapan ka dua tina tilu tahapan sasih Ramadlan nyaeta 10 anu awal Rahmat, pamudah-mudahan shaum anu parantos kalangkung di wuwuh ku rohmat Allah SWT. 10 anu kadua nyaeta tahapan maghfirah (ampunan) anu ku urang nuju dilakonan, sareng tahapan anu katilu nyaeta tahapan itqun minannaar mudah-mudahan 10 terakhir eta tiasa ka sorang ku urang sadaya. Mangga dina tahapan kadua ieu, urang sadaya berlomba-lomba ngengingkeun maghfirah Allah SWT. ku jalan midamel amal-amal shaleh, sabab dina sasih Ramadlan teu aya amal anu mubadir, hartosna satiap amalanu dilakonan ku jalma anu shaum bakal dilipat gandakeun ku Allah SWT.
Diantawis amal shaleh anu kautamianana langkung ageung dina sasih Ramadlan nyaeta :
1.       Ashodaqotu (Shodaqoh). Shadaqah dina sasih Ramadlan langkung utami tinimbang sasih-saih anu sanesna, saluyu sareng kasauran Rasululloh SAW.
افضل الصدقةفى رمضان
Ari pang utami-utamina shodaqoh nyaeta shodaqoh dina bulan Ramadlan.
Masihan tuangeun ka jalmi anu nuju shaum bakal ngengingkeun maghfirah Allah SWT. ngalangkungan para Malaikatnakasuran Kanjeng Rasul Saw.
من فطر صائماعلى طعام اوشراب من حلال صلت عليه الملائكة فى ساعاشهررمضان وصلى
عليه جبريل ليلة القدر
Hartosna : Saha wae jalmi anu masihan ka jalmi anu shaum, tina tuangeun atanapi leueuteun anu halal, maka para Malaikat mangnyuhunkeun pangapunten pikeun eta jalma dina saat-saat Ramadlan(detikna, menitna, atanapi jamna) sareng Malaikat Jibril nyuhunkeun pangampura pikeun eta jalma dina wengian laelatul qadar. Subhanallah

2.       Qiyamul lail nyaeta gugah wengi kanggo ibadah ka Allah SWT. upami urang ningalkana amal kanjeng Nabi Rasulullah saw. dina wengian sasih Ramadlan, mantenna selalu qiyamul lail, bahkan sapuluh wengi terakhir, mantenna sok ngagugahkeun kulawargi, sareng para shahabat-sahabatna kanggo ibadah ka Allah SWT. jalmi anu ibadah dina wengian Ramadlan dihapunten sadaya dosa-dosa anu kalangkung. Rasul ngadawuh:
من قام ومضان ايماناواحتسابا عفرله ماتقدم من ذنبه
Hartosna : Saha wae jalma anu gugah wengi (qiyamul lail) dina sasih Ramadlan bari iman sarta ikhlas karena Allah, maka bakal dihampura tina dosa anu tos kalangkung.
3.       Qira’atul Qur’an (maos al-Qur’an). Ngaos al-Qur’an dina sasih Ramadlan langkung utami tinimbang sasih-sasih sanesna margi al-Qur’an dilungsurkeun dina sasih Ramadlan, Kanjeng Rasulullah nyeueurkeun maos al-Qur’an dina sasih Ramadlan bahkan Malaikat Al-Qur’an, margi  al-Qur’an tiasa nyafa’atan kasaha bae anu maosna, pidawuh Rasulullah saw :
يالصيام والقيام يشفعان للعبد يوم القيامةيقول الصوم ربِّ منعته الطعام والشرب بالنهارويقول القرأن
رب منعته النوم بالليل فشفعنابه
Hartosna : Shaum sareng gugah wengi eta bakal nyafaatandua-duana ka hiji hamba dina Qiyamat, shaum nyarios: “Duh Gusti Pangeran abdi, abdi tos nyegah ka eta hamba kan tuang sareng ngaleueut dina waktos siang. Qur”an nyarios: “Duh Pangeran abdi tos nyegah kulem dina waktos wengi, pamugi Gusti maparin abdi sadaya tiasa nyafaatan ka anjeunna”
4.       Al I’tikaf nyaeta ملازمة المسجدللعبادةتتقرب الى الله عزوجل   tetepna calik di Masjid kanggo ibadah pikeun taqarub ka Allah Azza wa zalla, terutami dina sapuluh dinten terakhir sasih Ramadlan margi Rasulullah SAW teu liren-liren I’tikaf 10 dinten terakhir sasih Ramadlan dugi kapupusna.
فقداعفكف صلى الله عليه وسلم ولم يزل يعتكف العشرالأواخرمن رمضان حتى توفاه الله تعلى
Hartosna ; Nyata Rasulullah saw. I’tikaf sareng mantenna teu liren-liren dina 10 dinten terakhir sasih Ramadlan dugi kapupusna.
5.      Al-I’timar (Umrah), pidawuh Rasulullah SAWمَعِى                          عُمْرَةٌفِى رَمْضَانَ تَعْدِلُ حِجَّةً
Hartosna : Ari Umrah dina bulan Ramadlan eta sarua jeung ibadah haji bareng jeung kami
Hadlirin sidang Jum’ah Rohimakumullah !
Ngalangkungan khutbah awal ieu, mudah-mudahan urang sadaya tambih-tambih motivasi (kasengsrem) dina ngalakonan amal-amal sholeh sareng mudah-mudahan Allah SWt. maparin kakiatan ka urang sadaya kanggo ngajalankeun sagala parentah Allah, Amin Ya Rabbal ‘Alamin.

بَارَكَ الله لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هذا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ

Khutbah Kedua:
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي تَفَرَّدَبِالْعِزِّوَالْجَلاَلِ أَشْهَدُ أنْ لاَ إلَهَ إلا اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ الَّذِىْ تَوَحَّدَ باِلْكِبْرِيَآءَوَالْكَمَالِ. وَأشْهَدُ أنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُه’ورَسُولُهُ الدَّاعِىْ اِلىَ اَشْرَفِ الْحِصَلِ .اَللّهُّمَ صَلِّ عَلٰى مُحمَّدٍ وَعَلىﺁلِهِ وَاَصْحَابِه ذَوِى الْعُلُوْمِ وَاْلاِفْضَالِ اَمَّا بَعْدُ يَاأَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوْا اتَّقُوا اْلله َحَقَّ تُقَاتِهِ وَلا تَمُوْتُنَّ إِلا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُون.اَللّهُمَ اغْفِرْلِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ,وَالمُؤْمِنِيْنَ وَالمُؤمِنَاتِ, اَلاحْيَاءُ مِنْهُمْ وَالاَمْوَاتْ,الّلهُّمَ وَاَيِّدِ الاِسْلاَمْ وَاَدِمْ رِفْعَتَهُ وَظُهُوْرَهُ وانْصُرْكَلِمَةِ اْلاِيْمَانِ وِاَتِمْ لَنَانُوْرِهِ.يَامَالِكَ الدِّيْن وَالدُّنْيَاوَالاۤخِرَاةِ. بِرَخْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرّحِمِينَ وَالحَمْدُلله رَبِّ العَالَمِينْ.

Ditulis: Tatang Zaenal Mustofa
Wakil Ketua PD PUI Kabupaten Ciamis


Tidak ada komentar:

Posting Komentar