Minggu, 04 Februari 2018

KHUTBAH SHALAT SAMAGAHA PANON POE

السلام عليكم ورحمةالله وبركاته
الحمدلله الذي أنعمناعلى نعمة الايمان والاسلام,الذي قال في كتابه الكريم,إن في خلق السماوات والأرض واختلاف والنهارلآيات الأولى الألبب.أشهدأن لآإله إلاالله الملك الحق المبين.واشهدان محمداعبده ورسوله الصادق الوعد الأمين.وأصلى وأسلم عليه وعلى أله وأصحابه أجمعين أمابعد:فياأيهاالحاضرون,عليكم بتقوى الله وطاعته فكنتم من الفائزين أعوذباالله من الشيطان الرجيم ومن ءاياته اليلُ والنهاروالشمس والقمر لاتسجدواللشمس ولاللقمروسجدوالله الذى خلقهنّ إن كنتم إياه تعبدون.
Sadaya puja sinareng puji haq milik Allah, anu ngatur alam sakabeh, nu Maha Welas nu Maha Asih, Raja dina Poe Qiyamah, taya Gusti nu disembah anging ka Allah ibadah, nu midamel sakersana kumaha maksad manten-Na.
Allah nu awal Qadim Azali, nu akhir langgeng abadi, anu ngukir langit sareng bumi, ngareka ngahias jagat, tempat insan hirup hurip titi pinasti Illahy,mapay maya jagat raya.
Kaasup hiasan langit sang surya nyaangan jagat buana, nyatana panon poe moncorong ti wetan ka tungtung kulon. Numutkeun panalungtikan ahli-ahli Astronomi (dina tafsir rahmat karangan KH.Umar Bakri halaman 941). Disebutkeun bumi teh masih kalebetkeun salah satu bintang ti kelompok anu kacida lega (luasna), kaasup planet – planet nu ngurilingan “matahari” (panon poe), oge panon poe teh sabagian leutik tina kumpulan bintang-bintang anu teu tiasa kaitung jumlahna, kumpulan bintang-bintang disebutna galaxy anu jumlahna mang juta-juta, moal kaitung jumlahna sacara pasti bakat kuseueur. Hiji galaxy diperkirakeun “saratus juta bentang” eta galaxy teh numutkeun ahli astronomi diperkirakeun minuhan ruang angkasa (langit) anu jarak jauhna oge diperkirakeun aya “sapuluh juta tahuneun “cahaya” dupi sadetikna cahaya menempuh jarak kira-kira aya 300.000 Km na. Salajengna tina kaajaiban eta alam Gusti Allah ngingetkeun pikeun kajalma anu baroga aqal (Ulil Albab). Ku ka Maha KawasaanaNa Anjeunna ngagunta-gantikeun peuting jeung berang, ngagilir-gilirkeun sa’at jeing wanci, sakumaha pidawuhna.
أعوذباالله من الشيطان الرجيم  :إن فى خلق السماوات والأرض وحتلاف اليل والنهارلآيات ا لأولى الألبب.
Saenya-enyana dina dadamelan langit jeung bumi, sarta gunta-gantina peuting jeung beurang, estu jadi pirang-pirang tanda (ayat) kana kaMaha kawasaanana Allah Swt pikeun kanu baroga akal fikiran (Ulil Albab) (Al-Imran 190).
ALLAHU AKBAR WALILLAHIL HAMD nembe sakitu sabagian kakawasaan Allah matak kagum ku ka Akbaranana. Nya kitu deui ku ka Maha Kawasana Allah anu diebrehkeun ngalangkungan dadamelana-Na, nyaeta panon poe nalika manceran, bulan nalika nuturkeun, sakumaha pidawuh Allah dina Al-Qur’an surat Asy-Syamsi 1 sareng 2  :
والشمس وضحاها(۱)والقمراذاتلاها(۲)
Perhatikeun panon poe nalika manceran, jeung bulan nalika nuturkeunana ( Asy-Syamsi 1-2)
الله اكبرولله الحمد   HADIRIN JAMAAH ROHIMA KUMULLAH.
Sa’at ieu alam nuju kajantenan gerhana (samagaha) panon poe saheulaanan kahalangan moncorongna, nu matuh biasana gumebyar kamana-mana, nyaangan jagat buana kajantenan kieu teh henteu lepas tina kodrat irodat jeung ilmu Allah SWT. Mantenna ngajdikeun panon poe atawa bulan samagaha teh sangkan jadi “Takhwil” tegesna sangkan manusa ngarasa sieun oge eling ku ka Kawasaan sareng ka Agungan Mantenna, giat daek ngalakonan parentahanana, ngeureunan kama’siatan, tobat istighfar pasrah rumasa bobolokot ku dosa nyingkahan cegahanana sakumaha hadits Rasululllah SAW. ti Ibnu Abbas :

فَقَالَ إِنَّ الشَّمْسَ وَالقَمَرَءَايتانِ مِنْ ءَايَاتِ اللهِ لَايَخْسِفَانِ لِمَوْتِ أَحَدٍوَلاَ لِحَيَاتِهِ فَإذَارَأيْتُمْ ذَالِكَ فَاذكُرُاللهَ  (رواه أحمد والبخاري ومسلم)

Dawuh Rasulullah SAW. Saestuna panon poe jeung bulan, eta duanana tanda tina ciri-ciri ka Kawasaan Alloh, ku kajantenan samagaha teh lain karena maot sareng lahirna hiji jalm, maka dimana aranjeun nempo kajadian kitu (samagaha) kudu areling ka Allah.


Oge pidawuh deui ti Abi Musa
إِنَّ هاذه الآيات الَّتِى يُرْسِلُهَااللهُ لاَتَكُوْنُ لِمَوْتِ أَحَدٍ اَوْلِحَيَاتِهِ وَلَكِنَّ اللهَ عَزَّوجَلَّ يُرْسِلُهَايُخَوِّفُ بِهَاعِبَادَهُ فإذَاراَيْتُمْ مِنْهَاشَيْئًافَافْزَعُوْااِلَى ذِكْرِاللهِ وَدُعَاءِهِ وَاسْتِغْفَارِهِ (متفق عليه)
Saestuna tanda-tanda (samagaha) anu dikersakeun ku Allah SWT. lain pedah ku maot jeung lahirna hiji jalma, eta mah estu kakawasaan Allah Azza wa jalla pikeun “Takhwif” ngelingan hamba-hambaNa dimana aranjeun narempo panon poe atawa bulan kajadian “samagaha”, maka aranjeun gura-giru eling ka Allah, ngadu’a sarta istighfar (HR.Bukhori jeung Muslim).
ALLAH AKBAR. Hadlirin Ihwatul Iman !
Keur Ummat Islam upami aya kajantenan samagaha, boh panon poe atanapi bulan teu kedah galideur naon nu kudu dipidamel, tapi kantun prak ngadu’a neneda ka Allah nu Maha Kawasa, laksanakeun Shalat Khusuf, atanapi Kusuf, nyaeta sholat lantaran aya kajantenan “samagaha” dumasar kana pidawuh Allah SWT. dina Al-Qur’an Surat Fushshilat ayat 37:
وَمِنْ ءَايَتِهِ الَّيْلِ وَالنَّهَارِوَالشَّمْسِ وَالْقَمَرِ,لَاتَسْجَدُوْالِلشَّمْسِ وَلَالِلْقَمَرِوَاسْجُدُوْاِللهِ خَلَقَهُنَّ إِنْ كُنْتُمْ إِيَّاهُ تَعْبُدُوْنَ (۳۷)
Jeung sabagian tina tanda-tanda “Mantenna anu nuduhkeun kana maha tunggalNa teh, (Allah) nyiptakeun peuting jeung beurang oge panon poe jeung bulan, kulantaran kitu atuh aranjeun ulah sok sarujud ka panon poe, ulah sarujud ka bulan, tapi aranjeun kudu sarujud ka Allah anu ngadamel eta kabeh, lamun kaayaan aranjeun bener-bener ka MantenNa wungkul rek nyarembah. Oge dumasar kana hadits ti Siti Aisyah RA.
فَإِذَارَأَيْتُمْ ذَالِكَ فَدْعُوْاللهَ وَكَبِّرُوْاوَتَصَدَّقُوْاوَصَلُّوْا  (متفق عليه)
Dimana aranjeun narempo samagaha, aranjeun kudu ngadu’a ka Allah jeung talakbir sarta saridekah oge sarolat.  (HR.Bukhori jeung Muslim).
Galideur katagiweuran hate jeung kasieun dina derna “Qiyamat” dina “Sakarotil maot” oge jaga kahebatan di akherat tinangtu leuwih hebat tibatan kajadian-kajadian bencana alam kiwari tos pada kasaraksi ku sarerea.
Kanggo pamungkas urang sing aringet, areling kana wiwitan hurip hirup di alam lahir, asal manusa purwa dumadi, hirup henteu mawa pawit, medal bari tanpa modal da pawit pangasih Gusti da modal kawelas nu Maha Heman.
Mangsana ngagayuh lakuning hirup anu katungkul ku pati, paeh teu nyaho dimangsa, ngadodoho ngabongohan ka manusa, maksud kitu sangkan ati-ati diri bisa ngajaga lampah jeung kedalna letah.
Hadlirin Ikhwatul Iman anu di ku Allah !
Pamungkas gerenteskeun ku hate sing jadi rumasa bobolokot dosa ku Istighfar jeung tobat kanu kawasa mun dikedalkeun mah kieu pipokeunana :

Astaghfirullah wa atubu ilaih: Abdi sadaya ka Gusti Tobat tina Dosa jeung Ma’siyat
Astaghfirullah wa atubu ilaih: Abdi sadaya ka Gusti Tobat tina Munkar jeung Sayyiat
Astaghfirullah wa atubu ilaih: Abdi sadaya ka Gusti Tobat tina Musyrik, Bid’ah  jeung Khurafat
Astaghfirullah wa atubu ilaih: Abdi sadaya ka Gusti Tobat tina Timbangan jeung Sukat
Astaghfirullah wa atubu ilaih: Abdi sadaya ka Gusti Tobat tina Lalawora Sholat

اَللهُ اَكْبَرْاَللهُ اَكْبَرْاَللهُ اَكْبَرْ,لآاِلَهَ اِلَّااللهُ وَاللهُ اَكْبَرْ, اَللهُ اكْبَرْوَللهِ الْحَمْدُ
أَقُوْلُ قَوْلِ هَذَاوَاسْتَغْفِرُاللهُ لِيْ وَلَكُمْ
والسلام عليكم ورحمةالله وبركاته


Ciharalang, 14 Jumadil Ula 1439 H/31 Januari 2018
Penulis Tatang Zaenal Mustofa
Wk. Ketua PD PUI. Ciamis, Jawa barat




Tidak ada komentar:

Posting Komentar