KHUTBAH NIKAH: NGAWUJUDKEUN RUMAH TANGGA ANU
BAGJA
Sembah sujud pangabdian pamujaan,
tinuju wungkul ka Allah Rabbun Ghafur nu Maha Welas nu Maha Asih, Nu neteskeun
hidayah rohmat-Na ka saha bae nu ibadah nurutkeun galur Rasulna.
Para wargi miwah para sepuh nu
dimulyakeun ku Allah
Alhamdulillah mangrupakeun pujian
nu paling pantes kaluar tina lisan sarta ngawujud dina amalan urang sadaya,
lantaran ku qudrah sareng iradah mantena urang sadaya tiasa riung mungpulung,
patepung lawung patepang wajah dina kaayaan sehat wal afiat bari dibarung
ku kayakinan anu kuat yen teu aya hiji kajadian anu tumiba, hiji peristiwa nu
karandapan ku manusa dina kahirupan alam dunya anging parantos ditetepkeun
taqdirna Allah, di antara eta taqdir teh nyaeta teu lami deui bakal karandapan
ku dua insan nu nyanding di payuneun urang. Kumargi kitu urang sadaya miharep
mugia takdir nu kaalaman ku dua mempelai mangrupakeun takdir Allah nu
pangsaena.
Ikhwatu Iman Rahimakumullah
aya tilu ayat nu sok dibaca ku
Rasulullah nalika khutbah tikah, nu sakabehna nganggo kecap ittaquu
(bertaqwalah). Lamun eta tilu ayat teh dibaca sacara langsung tina mushaf
Alquran, Sim kuring yakin, boh panganten bari urang sadaya komo deuih panganten
baru moal nyangka ayat-ayat eta aya patula-patali jeung urusan pernikahan sarta
rumah tangga. Kusabab kitu sim kuring bade maparin kado pernikahan sangkan jadi
bekel pikeun ngajalankeun kahirupan rumah tangga, kadona teh kieu. Kahiji,
palebah mana hubungan ayat-ayat eta jeung urusan pernikahan sarta rumah tangga.
Kedua, naha ngan tilu ayat nu eta nu baca ku Raul nalika khutbah tikah, padahal
ayat-ayat Alquran teh kacida seeurna? Tilu ayat nu dimaksud nyaeta
Sembah sujud pangabdian pamujaan,
tinuju wungkul ka Allah Rabbun Ghafur nu Maha Welas nu Maha Asih, Nu neteskeun
hidayah rohmat-Na ka saha bae nu ibadah nurutkeun galur Rasulna.
Tilu ayat nu dimaksud nyaeta
Ayat kahiji
( يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا
اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ )
Yeuh jalma-jalma anu ariman aranjeun
sing tarakwa ka Allah kalawan bener-bener takwana jeung aranjeun ulah maot
anging dina kaayaan Islam. Q.s. Ali Imran:102
hubungan ayat jeung pertikahan
Dina ieu ayat Allah marentahkeun
ka kaom muslimin, boh panganten bari pangpangna panganten baru, sangkan
numplekeun sakabeh daya upaya jeung kasanggupan pikeun ngalaksanakan parentah
Allah jeung ngajauhan larangana.
Ieu ayat kudu jadi dasar atawa
pondasi sarta mabda (awal panginditan) yen nikah teh rek ibadah ka Allah, lain
sandiwara, lain heureuy, lain anyangan, lain sementara waktu, lain sakadar
perjangjian atawa sahna hubungan syahwat, tapi nikah teh mangrupakeun mitsaqan
ghaliza, nyaeta perjangjian anu suci, anu sakral nu nuduhkeun kana kasanggupan
pikeun ngalaksanakan sagala rupa aturan Allah dina urusan rumah tangga. Eta
margina Rasul ngadawuh
النِّكَاحُ مِنْ سُنَّتِي فَمَنْ رغب عن
سُنَّتِي فَلَيْسَ مِنِّي – رواه ابن ماجة -
Nikah teh bagian tina sunnah
kaula, singsaha nu teu panuju, ngewa kana sunnah kaula, mangka dirina lain ti
golongan kaula.
Ieu dawuhan teh pikeun nandeskeun
yen nikah dina Islam mah beda pisan jeung nikah nu biasa dilakukeun ku kaum
jahiliyyah. Di antarana kieu beberapa orang, kurang dari sepuluh orang
bersebadan dengan seorang wanita. Apabila ia hamil kemudian melahirkan. Maka
setelah beberapa hari dari kelahiran, ia mengutus kepada semua laki-laki yang
berhubungan dengannya, mereka tidak ada yang menolak untuk datang. Kemudian
wanita tersebut berkata: “kalian telah tahu akibat dari perbuatan kalian
terhadapku, dan aku telah melahirkan.” Kemudian ia menunjuk salah seorang dari
mereka sambil berkata:”ini adalah anakmu”. Sejak itu ia hubungkan anak itu
dengan laki-laki tersebut.
Nalika Allah ngutus Muhammad saw.
Mantena ngahapus sagala rupa acara nikah jahiliyyah, sarta ditetepkeun
cara pernikahan numutkeun syare’at Islam. Tah eta di antarana maksud dawuhan
Rasul
النِّكَاحُ مِنْ سُنَّتِي فَمَنْ رغب عن
سُنَّتِي فَلَيْسَ مِنِّي – رواه ابن ماجة -
Ayat kadua
) يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمِ الَّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ نَفْسٍ
وَاحِدَةٍ وَخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثَّ مِنْهُمَا رِجَالًا كَثِيرًا
وَنِسَاءً وَاتَّقُوا اللَّهَ الَّذِي تَسَاءَلُونَ بِهِ وَالْأَرْحَامَ إِنَّ
اللَّهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيبًا )
)يَا أَيُّهَا
الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا قَوْلًا سَدِيدًا (
Yeuh sakabeh manusa, mangka kudu
tarakwa aranjeun ka pangeran aranjeun anu geus ngajadikeun aranjeun tina asal
hiji jalma (Adam), jeung ngajadikeun tina hiji jalam pasangana (Hawa), jeung
tidinya Mantena ngareuaykeun pirang-pirang lalaki jeung awewe anu loba pisan.
Jeung aranjeun kudu tarakwa ka Allah anu kalawan (ngagunakeun) jenengannana
aranjeun sok silih pentaan jeung babaturan sarta piara diri ku aranjeun
tatali silaturrahmi (hak kabarayaan). Satemena Allah anu salawasna ngajaga tur
ningalikeun ka aranjeun. Q.s. An-Nisa:1
Hubungannana
Ieu ayat nuduhkeun yen Nikah jadi
sarana pikeun ngalahirkeun turunan sebage amanat/titipan ti Allah nu kudu
dijaga diriksa dididik sangkan jadi penerus jeung panyambung perjuangan agama
Islam di waktu anu bakal datang. Kusabab kitu dina urusan rumah tangga jeung
kulawarga perlu takwa. Kukatakwaan kulawarga bakal ngahiji dina enggoning
ngalaksanakeun ajaran Islam sarta jadi kanikmatan anu pohara gedena. Kutakwa
bakal katingali aya dulur anu jauh tapi deukeut, aya anu deukeut tapi jauh.
Cobi perhatoskeun dawuhan Allah surat al-Hujurat:10
إِنَّمَا الْمُؤْمِنُونَ إِخْوَةٌ
Sesungguhnya orang-orang mukmin
itu tiada lain bersaudara.
ikhwatun dan ikhwanun sok
diterjemahkan dengan “dulur-dulur”, dan tidak salah diterjemahkan seperti itu.
Namun sebenarnya, terdapat perbedaan makna di antara keduanya. Karena ikhwatun
adalah saudara yang disebabkan faktor ansab (nasab, keturunan darah), sedangkan
ikhwanun adalah saudara yang disebabkan faktor ashab (persahabatan,
perkawanan). Tetapi ketika Alquran membicarakan kaum mukmin, ternyata ungkapan
yang digunakan adalah ikhwatun bukan ikhwanun, padahal banyak di antara kaum
mukmin yang tidak satu nasab. Walaupun tidak satu nasab, tidak satu
turunan, tidak seibu sebapak tapi orang mukmin dengan mukmin lainnya dinyatakan
sebagai saudara oleh Alquran. Dengan demikian, apa sebenarnya yang
mengikhwankan antar sesama mukmin. Kita cermati sabda Rasulullah saw. dalam
riwayat Ahmad
إِنَّ الْمُؤْمِنَ مِنْ أَهْلِ الْإِيمَانِ
بِمَنْزِلَةِ الرَّأْسِ مِنَ الْجَسَدِ يَأْلَمُ الْمُؤْمِنُ لِأَهْلِ الْإِيمَانِ
كَمَا يَأْلَمُ الْجَسَدُ لِمَا فِي الرَّأْسِ
Sesungguhnya seorang mukmin di
antara ahli Iman itu sama kedudukannya dengan kepala pada tubuh. Seorang mukmin
akan merasakan sakit karena sakitnya ahlu iman, sebagaimana jasad merasakan
sakit karena rasa sakit di kepala.
Hadis ini saya kutip dari kitab
Musnad Ahmad yang 50 jilid, pada jilid 37, hal. 517, No. hadis 22.877, baris
ka-3 tiluhur.
Dengan kalimat min ahlil iman
menunjukkan bahwa kaum mukmin dikatakan ikhwatun karena al-jami’u ikhwatun fid
din, mereka saudara seiman, Keadaan mereka sama dengan keadaan orang yang
senasab, seketurunan darah. Tah eta nu dimaksud dulur nu jauh tapi deukeut teh.
Sedengkeun dulur nu deukeut tapi jauh urang perhatoskeun dawuhan Allah.
Ayat katilu
يَا أَيُّهَا
الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا قَوْلًا سَدِيدًا
Yeuh jalma-jalma anu ariman sing
tarakwa ka Allah jeung maraneh kudu nyarita ku omongan anu jujur. Al-Ahzab:70
Hubungannana
Ieu ayat nuduhkeun yen katakwaan
bakal ngawujudkeun akhlak anu hade, nyaeta jujur hatena, jujur letahna, jujur
kalakuanana. Kajujurana teh henteu palsu jeung nipu, lain sakadar hiasan. Tah
akhlak anu hade teh dimimitian ku ngariksa miara letah.
Tilu ayat ieu nuduhkeun yen
katakwaan jadi rukun pikeun ngawujudna rumah tangga anu bagja. Pikeun miara
katakwaan dirumah tangga aya syarat-syarat anu perlu dicumponan:
(1) Kudu
getol ngaji, thalab elmu sangkan ngarti bari surti kana agama. Dawuhan Rasul
إذا أراد الله
بأهل بيت خيرا فقههم في الدين
Upami Allah bade ngersakeun
kahadean hiji rumah tangga/kulawarga, Allah bakal maparin pangarti kana agama.
H.r. al-Baihaqi
Al-Fiqhu fid Din lain terang kana
agama tapi ngarti bari surti. Eta sababna nu ngarti kana agama mah sagala
kaperluan rumah tanggana oge kaayaanana teu matak sarekseuk katingalna, matak
kabita nu ningali, matak genah kana manah. Di mana aya rizkina syukur, nalika
kurang rizkina sabar.
(2) Kudu getol
ibadah
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ عَنِ النَّبِيِّ صَلَّى اللَّه
عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ إِنَّ اللَّهَ تَعَالَى يَقُولُ يَا ابْنَ آدَمَ
تَفَرَّغْ لِعِبَادَتِي أَمْلَأْ صَدْرَكَ غِنًى وَأَسُدَّ فَقْرَكَ وَإِلَّا
تَفْعَلْ مَلَأْتُ يَدَيْكَ شُغْلًا وَلَمْ أَسُدَّ فَقْرَكَ – رواه الترمذي –
Prak kudu ngahaja nyempetkeun/nyiapkeun
waktu, reureuh heula tina kasibukan, tina kapentingan dunya anjeun pikeun
ibadah, taat ka kaula, tinangtu ku kaula hate anjeun bakal dipinuhan ku
kabeungharan sarta ku kaula bakal dicumponan sagala kabutuh anjeun. Lamun
anjeun teu ngahajakeun nyadiakeun waktu, ku kaula diri anjeun bakal dipinuhan
ku kasibukan, sarta sagala kabutuh anjeun moal dicumponan
Janten jalma anu benghar mah lain
anu loba hartana, tapi nu loba uruseunana, gede pikeun tanggungjawabeunana
engke jaga di akherat.
Mudah-mudahan Allah ngahijikeun
hidep duaan dina kahadean Allah
Tidak ada komentar:
Posting Komentar