Kamis, 15 Februari 2018

HUKUM NGARAYAKEUN HARI VALENTINE NURUTKEUN AGAMA ISLAM

السلام عليكم ورحمةالله وبركاته
إِنّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَسَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَللهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن.يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتّقُوا اللهَ حَقّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلاّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ يَاأَيّهَا النَاسُ اتّقُوْا رَبّكُمُ الّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ نَفْسٍ وَاحِدَةٍ وَخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثّ مِنْهُمَا رِجَالاً كَثِيْرًا وَنِسَاءً وَاتّقُوا اللهَ الَذِي تَسَاءَلُوْنَ بِهِ وَاْلأَرْحَام َ إِنّ اللهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيْبًا يَاأَيّهَا الّذِيْنَ آمَنُوْا اتّقُوا اللهَ وَقُوْلُوْا قَوْلاً سَدِيْدًا يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْلَكُمْ ذُنُوْبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللهَ وَرَسُوْلَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيْمًا، أَمّا بَعْدُ ...فَأِنّ أَصْدَقَ الْحَدِيْثِ كِتَابُ اللهِ، وَخَيْرَ الْهَدْىِ هَدْىُ مُحَمّدٍ صَلّى الله عَلَيْهِ وَسَلّمَ، وَشَرّ اْلأُمُوْرِ مُحْدَثَاتُهَا، وَكُلّ مُحْدَثَةٍ بِدْعَةٌ وَكُلّ بِدْعَةٍ ضَلاَلَةً، وَكُلّ ضَلاَلَةِ فِي النّارِ.
Hadlirin ihwatul iman rahimakumullah
Kahayang tuturut munding nyanding dina jati diri manusa, tapi ieu kalakuan kasebat bisa jadi tercela dina agama Islam lamun nu diturutanana beda jeung urang tina sisi kayakinan jeung pamikiran komo deui lamun seug nu diturutana perkara ibadah, aqidah, syi’ar jeung kabiasaan, padahal Rasulullah saw ngalarang pikeun nurutan migawe tata cara ibadah salain Islam    مَنْ تَسَبَهَ قَوْمٍ فَهُوَ مِنْهُمْ    “Sing saha Jalma anu nurutan kalakuan hiji kaum, mangka eta kaum kaasup baturna”. Valentine Day salah sahiji contoh anu nyata diluar Islam anu dina poe eta aya sabagian kaum muslimin aya anu pipilueun ngarayakeun, terutama dikalangan para remaja jeung para pamuda. Padahal Hari Valentine numutkeun salah sahiji versi ensiklopedi eta teh ngaran hiji pendeta (St. Valentine) nu dihukum mati ku sabab menentang Kaisar Claudius II nu ngalarang pernikahan di kalangan para pamuda, kusabab kitu perlu kauninga ku sadaya kaum muslimin ngenaan hukum ngarayakeun peringatan Poe Valentine atawa nu ilaharna disebut Sebagai Hari Kasih Sayang.
Hadlirin ihwatul iman rahimakumullah
Ibnu Qoyyim al-Jauziyah ngadawuh “ Ngawilujengkeun (ngucapkeun) selamat kana ritual jalma-jalma kafir anu khusus pikeun maranehna, parantos sepakat yen eta pagawean teh Haram Hukumna, pikeun anu ngucapkeunnana sok sanajan henteu ngajadikeun kakafiran ku ngucapkeun “Selamat Hari Raya” jeung anu sejenna, eta mangrupa pagawean haram, sabab ngucapkeun selamat pikeun maranehna eta teh ngarupakeun pagawean pamusyrikan anu peryogi di hindari ku urang sadayana. Bahkan padamelan kasebat numutkeun Allah SWT leuwih ageung dosana tibatan maehan. Seueur jalma anu terjerumus kana hiji pagawean tanpa menyadari gorengna eta pagawean. Sapertos ngucapkeun selamat ka jalma anu migawe maksiat, bid’ah atawa migawe kakufuran, padahal eta padamelan  teh sarua jeung nyiapkeun diri pikeun nampi bebendon  sareng murka ti Allah swt.
Syaikh Muhammad al-Utsaimin nalika di taros ngenaan Hari Valentine, Mantena ngawaler “Ngenaan Hari Raya Valentine hukumna haram kalayan alesan ;
1.       Valentine Day mangrupa Hari Raya Bid’ah anu teu aya dasar hukumna dina syari’at Islam.
2.       Ngarayakeun Valentine Day, hate bakal sibuk ku perkara-perkara rendahan anu patojaiah jeung petunjuk Allah jeung Rasul-Na sarta para salafus shalih ra.
Maka eta pagawean haram dilaksanakeun oge pagawean anu sejena saperti nyadiakeun sarana pikeun suksesna perayaan kasebut saperti nyadiakeun makan-makan, minum-minum, nyiapkeun baju pesta husus, silih kirim kado jeung rea-rea deui.
Hadlirin Ahli Jum’ah Rohimakumullah.
Urang selaku Ummat Islam kudu nyekel deleg kana aturan anu aya dina Islam, teu perlu nurutan pagawean para kaum kafirin nu teu puguh dasar hukumna  sabab selaku umat Islam kudu ngalaksanakeun wala’ jeung bara’ (loyalitas kana kamusliman jeung kudu ngajauhkeun diri ti golongan-golongan kaum kafirin) sarta kudu nurut kana akidah anu dicekel ku para salapus shalih, nyaeta urang sadaya kedah mikacinta ka jalma-jalma mu’min, jeung mikaceuceub ka jalma-jalma kafir dina ngalaksanakeun ibadah. Diantara dampak anu goreng lamun urang pipilieun dina mempopulerkan ritual-ritual maranehna ieu bakal ngahapus nilai-nilai Islam, ku ngadukung sarta ngalaksanakeun ritual-ritual maranehna, berarti tos nambahan loba jumlah maranehna pikeun ngadukung jeung nurutan agama maranehna, padahal urang salaku ummat Islam dina satiap rakaat shalat sok maos ayat
اِهْدِنَاالصِّراَطَ الْمُسْتَقِيْمَ (۶) صِرَاطَ الَّذِيْنَ اَنْعَمْتَ عَلَيْهِمْ غَيْرِالْمَغْضُوْبِ عَلَيْهِمْ وَلَاالضَّآلِّيْنَ (۷)
Tuduhkeun abdi sadaya kana jalan anu lempeng nyaeta jalan-jalan anu ku Salira dianugrahi nikmat pikeun aranjeunna, sanes jalana jalma-jalma anu dibenduan sareng sanes jalan maranehna anu  darolim” (Al-fatihah ayat 6-7).
Pamohalan diijabahna do’a urang sadaya nyuhunkeun ka Allah swt supaya urang dituduhkeun kana jalan kalakuan jalma-jalma mu’min, sareng urang sadaya dijauhkeun tina jalan-jalan jalma anu dlarolim sinareng dibenduan ku Allah swt, tapi urang ngalakukeun pagawean anu sesat tur nuturkeun kalakuan jalma-jalma anu kalupur, ieu padamelan teh patojaih sareng dawuh Allah dina al-Qur’an ;
يَآيُّهَاالَّذِيْنَ ءَامَنُوْالَاتَتَّحِدُوْاالْيَهُوْدَوَالنَّصَارَى أَوْلِيَآءَبَعْضُهُمْ أَوْلِيَآءُبَعْضُ؛وَمَنْ يَّتَوَلَّهُمْ مِنْكُمْ فَإِنَّهُ مِنْهُمْ؛اِنَّ اللهَ لَايَهْدِى الْقَوْمَ الضِّالِمِيْنَ
He jalma-jalma anu ariman, aranjeun ulah ngajadikeun  pamimpin ti golongan Yahudi jeung Nasrani sedengkeun tina sabagean maranehna sawarehna jadi pamimpin, sing saha jalma diantara aranjeun nyieun pamimpin ti golongan Yahudi jeung Nasrani, mangka saenyana  jalma-jalma kasebut kaasup golongan maranehanana, saenyana Allah moal mere pituduh ka jalma-jalma anu dlarolim  (al-Maidah 51).
Dina ayat nu sanes Allah ngadawuh ;
لَاتَجِدُقَوْمًايُؤْمِنُوْنَ بِاللهِ وَالْيَوْمِ الْآخِرِيُوَآدُّوْنَ مَنْ حَادَّاللهَ وَرَسُوْلَهُ (المجدله ۲۲)
“Moal meunang nanaon hiji kaum anu iman ka Allah jeung iman  kana poe akhir, anu silih pikadeudeuh (pikaasih) jeung jalma-jalma anu ngalawan ka Allah jeung Rasul-Na”............ ( al-Mujadalah 22)
Hadlirin Ahli Jum’ah Rohimakumullah.
Ngarayakeun Hari Valentine mangrupa hiji kasalahan sabab Valentine teh hiji acara ritual agama sejen, saling pikadeudeuh, ngirim kado sebagai ungkapkeun rasa cinta eta teh mangarupa  pagawean anu hade, tapi lamun dikaitkeun jeung pesta ritual agama sejen jeung tradisi urang Barat (non muslim), maka akibatna bakal terobsesi ku budaya jeung gaya hirup penganut agama di luar Islam, ngalaksanakeun pesta dina poe Valentine lain perkara anu sapele, tapi leuwih ngagambarkeun pengadopsian nilai-nilai jeung tradisi-tradisi barat anu henteu mandang normatif dina pergaulan antara lalaki jeung awewe sahingga dina saat eta nilai sosial maranehanana jadi paburantak sarta jauh tina aturan agama Islam.
Alhamdulillah urang sadaya parantos ngagaduhan cara sinareng tuntunan secara Islam, teu perlu tuturut munding kana kalakuan urang barat, ummat Islam boga aturan kumaha carana urang numpahkeun kasih sayang, ka Ibu, ka Bapak, ka handaitaulan, sarta ka Bojo atawa ka Salaki, oge antara para nonoman sinareng wanoja,  anu tos diwengku ku aturan agama Islam, henteu saperti pagawean jalma kafir nu ngagugu kana hawa nafsuna, lamun seug ku urang diturutan tantu bakal cilaka oge bakal ngagebruskeun kana seuneu naraka. Mudah-mudahan Allah swt.senantiasa ngajantenkeun hirup urang pinuh ku kasih sayang anu tulus ikhlas karena Allah nurutkeun aturan agama Islam anu bakal jadi jembatan pikeun asup ka sawarga,  anu lega salegana langit jeung bumi anu dicawiskeun ku Allah swt keur jalma anu tarakwa, sakumaha di sebatkeun dina hadits Qudsi anu pihartoseunana “ Kacintaan Kaula dicawiskeun pikeun jalma anu silih pikaasih karena Allah, jeung saling berkurban karena Allah, silih anjangan (silaturahmi) oge ngan wungkul karena Allah.
Hadlirin Ahli Jum’ah Rohimakumullah.
Kasimpulan tina khutbah ieu dianatarana :
v  Ummat Islam teu meunang niru-niru pipilueun ngarayakeun adat kabiasaan jalma-jalma kafir
v  Ngucapkeun selamat kana acara kakufuran atawa ngawilujengkeun kana kagiatan kama’siatan keur ummat Islam hukumna haram.
v  Ngarayakeun Valentine Day haram hukumna pikeun ummat Islam sabab mangrupa pagawean Bid’ah anu teu aya contona ti Rasulullah saw.
Mudahan-mudahan urang sadayana salawasna kenging taufik sareng hidayah ti Allah swt.

بارَكَ الله لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هذا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ

Khutbah Kadua:
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي تَفَرَّدَبِالْعِزِّوَالْجَلاَلِ أَشْهَدُ أنْ لاَ إلَهَ إلا اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ الَّذِىْ تَوَحَّدَ باِلْكِبْرِيَآءَوَالْكَمَالِ. وَأشْهَدُ أنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُه’ورَسُولُهُ الدَّاعِىْ اِلىَ اَشْرَفِ الْحِصَلِ .اَللّهُّمَ صَلِّ عَلٰى مُحمَّدٍ وَعَلىﺁلِهِ وَاَصْحَابِه ذَوِى الْعُلُوْمِ وَاْلاِفْضَالِ اَمَّا بَعْدُ يَاأَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوْا اتَّقُوا اْلله َحَقَّ تُقَاتِهِ وَلا تَمُوْتُنَّ إِلا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُون.اَللّهُمَ اغْفِرْلِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ,وَالمُؤْمِنِيْنَ وَالمُؤمِنَاتِ, اَلاحْيَاءُ مِنْهُمْ وَالاَمْوَاتْ,الّلهُّمَ وَاَيِّدِ الاِسْلاَمْ وَاَدِمْ رِفْعَتَهُ وَظُهُوْرَهُ وانْصُرْكَلِمَةِ اْلاِيْمَانِ وِاَتِمْ لَنَانُوْرِهِ.يَامَالِكَ الدِّيْن وَالدُّنْيَاوَالاۤخِرَاةِ. بِرَخْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرّحِمِينَ وَالحَمْدُلله رَبِّ العَالَمِينْ.
Ditulis: Tatang Zaenal Mustofa

Wakil Ketua PD PUI Kabupaten Ciamis

Tidak ada komentar:

Posting Komentar