Kamis, 22 Februari 2018

TAYA HASIL TANPA PENGORBANAN

السلام عليكم ورحمة لله وبركاته
اَلْحَمْدُللهِ الْذِىْ تَفَرَّدَفِى عِزَّتِهِ وَجَلَالِهِ-وَأَمَرَنَ بِإِقَامَةِدِيْنِهِ- وَالصَّلَاةُوَالسَّلَامُ عَلَى مُحَمَّدٍصَفْوَةِالْاَنْبِيَاءِوَحَبِيْبِهِ وَعَلَى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ,صَلَاةًوَّسَلَامًادَائِمَيْنِ مُتَلَازِمَيْنِ اِلَى يَوْمِ يُسَاقُ فِيْهِ الْمُتَّقُوْنَ اِلَى جَنَّتِهِ, اشهدان لااله الا الله وحده لا شريك له-وَاَشْهَداَنَّ مُحَمَّدًاعَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ-اَمَّابَعْدُ- فَيَااَيُّهَاالْحَاضِرُوْنَ عَلَيْكُمْ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ لَعَلَّكُمْ فَائِزُوْنَ بِثَوَابِهِ وَنَاجُوْنَ مِنْ عَذَابِهِ- وَاِذَاقَرَأتَ الْقُرْآنَ فَاسْتَعِذْبِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ.اَعُوْذُبِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ.فَلَمَّابَلَغَ مَعَهُ الْسَّعْيَ قَالَ يَابُنَيَّ اِنِّى اَرَى فِى الْمَنَامِ اَنِّى اَضْبَحُكَ فَانْظُرْمَاذَاتَرَىْ.قَالَ يَااَبَتِ افْعَلْ مَاتُؤْمَرْسَتَجِدُنِى اِنْشِاءَاللهُ مِنَ الصَّابِرِيْنَ (الصافات ۱۰٢)     

TAYA HASIL TANPA PENGORBANAN
Manusa lahir ka dunya sarua teu barang bawa, sarua teu barang pake, pada-pada bodo taya kanyaho, brol lahir saukur ceurik, panon teu awas cepil nguping, leungeun jeung suku ngan saukur roroesan.
وَاللهُ اَخْرَجَكُمْ مِنْ بُطُوْنِ أُمَّهَاتِكُمْ لَاتَعْلَمُوْنَ شَيْأً
Allah ngalahirkeun aranjeun tina jero beuteung indung aranjeun, sarua teu apal naon-naon (An-Nahl 78).
Burang kaganti ku peuting, tambah poe ganti minggu, undur minggu datang bulan jeung taun. Si jabang bayi ayeuna geus ganti ngaran, geus lain orok deui, ayeuna mah disebut budak, awakna jadi, dagingna ngareusi, anggahota badan pinuh ku gerakan-gerakan latihan, nuju kana kadewasaan, kitu deui jiwana makin bisa ngagunakeun akal jeung pikiran.
Aya nu pegat satengahing jalan, can kaburu sawawa kaburu dipundut ku Gusti, maot leutik keneh, teu ngalaman diulinkeun ku tipu daya dunya, teu ngalaman amis paitna hirup dewasa, bersih keneh can lamokot ku dosa. Aya nu ku Gusti Allah dipasihan anugrah panjang umur, ngalaman hirup lila di Alam Dunya, ngarasa bagja jeung sangsara, pinuh ku sagudang pangalaman, umurna nepi ka kolot. Malahan umur kaliwat panjang sok balik deui ka budak; kurang tangan pangawasa, sarwa lemah, kurang kaera, delitan, teu kaopan, loba poho, kurang ingetan jeung sabangsana.
وَاللهُ خَلَقَكُمْ ثُم يَتَوَفَّاكُمْ وَمِنْكُمْ من يُرَدُّ الى ارذل العمرلكي لايعلم بعد علم شيأ .........(النحل ٧۰)
Hartosna : Jeung Allah geus nyiptakeun aranjeun, tuluy Alah ngamaotan aranjeun, jeung diantara aranjeun aya anu umurna nepi ka hina (pikun), supaya manehna taya kanyaho, sanggeus manehna sarwa nyaho. (An-Nahl 80).
Da kitu para hadlirin ari geus pikun mah, elmu laleungit, pangarti naringgalkeun, malahan ka diri sorangan oge teu apal, digulang gaper bobolokot ku kokotor teu karasa, tah eta anu disebur ardzalil umur  teh.
Hadlirin Akhli Jum’ah Rakhikumullah !
Antara lahir jeung maot, manusa sawawa diperedih supaya digawe keur bekel hirup di dunya jeung keur bekel jaga di akherat, ngalakukeun amal shaleh, hade ka babaturan hade ka Pangeran.
وقل اعملوافسيرى الله عملكم ورسوله ...........(التوبة ۱٠٥)
Hartosna : Jeung ucapkeun ku anjeun Muhammad, pek aranjeun kudu di garawe, maka Allah jeunf Rasulna ningalikeun kana pagawean aranjeun (At-Taubah 105)
Tibarang lahir manusa geus aya kahayang, da boga nafsu, kahayang anu munggaran ceurik ngoar hayang nyusu, hayang itu hayang ieu, anu leutik anu gede, geus sajeungkal hayang sasiku, geus sasiku hayang sadepa. Malahan mah gunung oge hayang dipangku, jeung rea-rea deui kahayang manusa sakumaha anu digambarkeun di al-Qur’an surat At-Takatsur ayat 1-2.
الهاكم التكاثر- حتى زرتم المقابر ......(التكاثر۱- ٢)
Hartosna : Anjeun katungkul ku paloba-loba anak jeung harta banda, paluhur-luhur pangkat jeung kalungguhan, nepi ka anjeun nyaba ka liang kubur. (at-Takaatsur ayat 1&2).
Kahayang bisa laksana, ngan kudu di usahakeun jeung dipigawe. Jalma anu boga kahayang kudu daek berkorban. Gede leutikna pengorbanan gumantung kana gede jeung leutikna anu dipikahayang. Hayang dahar ngeunah cukup ku ngusahakeun deungeun sangu. Hayang pakean alus, digawe leuwih soson-soson. Hayang imah weweg, panorbanan leuwih gede saluyu jeung harga imah. Nagara Indonesia anu ku uarang dipikacinta bisa merdeka leupas tina jajahan teh, lain ladang ongkang-ongkang nangkeup harigu, tapi ladang pangorbanan para syhuhada pahlawan kusuma bangsa.
Komo deui hayang Syurga Jannatuna’im, puncak kabagjaan jeung ridlo Allah anu Maha Akbar, tantu bae urang kudu-kudu soson-soson migawe amal shaleh, wani berkonban harta, ku tanaga anu luar biasa, malahan lamun diperlukeun nyawa kudu dikorbankeun.
Hadlirin ahli jum’ah nu dimulyakeun ku Allah !
Kissah Nabiyullah Ibrahim Alaihissalam jadi conto agung keur urang sarerea, anjeuna tega ngorbankeun putra kakasihna, Nabi Ismail As. demi ridlo Allah. Kitu deui Nabi Ismail As. anjeuna wani ngorbankeun nyawa pribadi, rela dipeuncit ku ramana, demi ridlo Allah. Sanajan akhirna mah eta Qurban di gentosan ku domba.
Pangorbanan Rama jeung Putra, di abadikeun dina syare’at Agama Islam ku ngalaksanakeun Ibadah Qurban, ku Takbir sareng Tahmid dina bulan Dzul Hijjah, poean iedul adha jeung dina tanggal 11, 12 jeung 13 anu ilahar disebat poe tasyriq.
Mudah-mudahan urang sadaya ginuluran taufik sareng hidayah, kakuatan sarta kasehatan jasmani, sareng kakuatan sarta kasehatan rohani kanggo ngalaksanakeun pangorbanan, ku mangrupi amal sholeh, ngalaksanakein parentah Alloh sareng nebihan sagala cegahanana, kango ngahontal ridlo Anjeuna, sarta salamet dunya rawuh akherat amiiin yra.
بَارَكَ الله لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هذا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ



Khubah dua
الحمد لله حمد كماامر.اشهد ان لااله الاالله وحده لاشريك له اقراربربوبيته وارغامالمن جهدوكفر.واشهد ان محمداعبده ورسوله سيد الجن والبشر.اللهم فصل وسلم على سيدنامحمد وعلى آله واصهابه الابرار.امابعد فياايهاالناس اتقواالله فيماامر.وانتهواعمانهى عنه وحدر.اللهم اغفرللمؤمنين والمؤمنات. والمسلمين والمسلمات. الأحياءمنهم والأموات. اللهم اهلك الكفرةوالمشركين. ودمراعدئك اعداءالدين. ربناآتنافى الدنياحسنه وفى الآخرةحسنه وقناعذاب النار. بِرَخْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرّحِمِينَ وَالحَمْدُلله رَبِّ العَالَمِينْ.


 Ditulis: Tatang Zaenal Mustofa
Wakil Ketua PD PUI Kabupaten Ciamis


Tidak ada komentar:

Posting Komentar