Selasa, 06 Februari 2018

KHUTBAH GEERHANA BULAN

السلام عليكم ورحمةالله وبركاته
اَلْحَمْدُللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ.هُوَالْاَوَّلُ وَالْاَخِيْرُوَالظَّاهِرُوَالْبَاطِنُ.اَلَّذِيْ خَلَقَ الْسَمَاوَاتِ وَالْاَرْضِ لَآيَاتِ لِقَوْمِ يَتَّقُوْنْ. أَشْهَدُأَنْ لَّآإِلَهَ إِلَّااللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ. وَاَشْهَدُاَنَّ مُحَمَّدًارَسُوْلُ اللهِ الصَادِقُ الْوَعْدِ الْأمِيْنْ.وَالصَّلَاةُوَالسَّلَامُ عَلَى مُحَمَّدٍ.وَعَلَى آلِهِ وَأصْحَابِهِ أجْمَعِيْنَ اَمَّابَعْدُ: فَيَاأيُّهَاالْحَاضِرُوْن,عَلَيْكُمْ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ فَكُنْتُمْ مِنَ الْفَائِزِيْنَ. أَعُوْذُبِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ وَمِنْ ءَايَاتِهِ اَلَّيْلُ وَالنَّهَارُوَالشَمْسُ وَالْقَمَرُ لَاتَسْجُدُوْالِلْشَّمْسِ وَلَالِلْقَمَرِوَسْجُدُوْاِللهِ الَّذِىْ خَلَقَهُنَّ إنْ كُنْتُمْ إِيَّاهُ تَعْبُدُوْنَ.
Sadaya puji kagungan Allah anu awal qodim azali, anu akhir langgeng abadi, anu ngukir langit sareng bumi, ngareka ngahias jagat, tempat insan hirup hurip titi pinasti Ilahy.
Nyakitu bulan hiasan langit, ngagebray caang nyaangann jagat buana, nyakitu endahna panon poe anu moncorong ti wetan ka tungtung kulon, tapakur sing janten rasa, eta kakawasaan Pangeran nu Maha Mulya.
Moal aya kajadian di Alam ieu, anu lepas tina kakawasaan/qudrot irodat ilmu Allah Swt. kalabet ayana “samagaha”. Dina saat ieu pisan ngalangkungan kakawasaan Anjeuna bulan anu Purnama teh dialih fungsikeun ku nu gaduhna (Allah SWT) tina caang janten poek, tina purnama janten gerhana.
Mantena Allah Swt. ngersakeun bulan atanapi panon poe jnaten samagaha teh sangkan janten “Takhwif tegesna sangkan manusa ngarasa sieun ku kakawasaan jeung kaagungan Mantena eling daek ngalakonan parentah-Na ngeureunan kama’siatan, ngado’a, tobat nyingkahan cegahanaNa   (  يُخَوِّفُ عِبَادَهُ)   sakumaha pidawuh Rasulullah SAW. hadits mutafak alaihi :
إِنَّ هَاذِهِ الآيَاتِ الَّتِى يُرْسِلُهَااللهُ لاَتَكُوْنُ لِمَوْتِ أَحَدٍ اَوْلِحَيَاتِهِ وَلَكِنَّ اللهَ عَزَّوجَلَّ يُرْسِلُهَايُخَوِّفُ بِهَاعِبَادَهُ فإذَاراَيْتُمْ مِنْهَاشَيْئًافَافْزَعُوْااِلَى ذِكْرِاللهِ وَدُعَاءِهِ وَاسْتِغْفَارِهِ (متفق عليه)
Saestuna tanda-tanda (samagaha) anu dikersakeun ku Allah SWT. lain pedah ku maot jeung lahirna hiji jalma, eta mah estu kakawasaan Allah Azza wa jalla pikeun “Takhwif” ngelingan hamba-hambaNa dimana aranjeun narempo panon poe atawa bulan kajadian “samagaha”, maka aranjeun gura-giru eling ka Allah, ngadu’a sarta istighfar.  (HR.Bukhori jeung Muslim).
Deui pidawuh  Rasulullah saw.
فَإِذَارَأَيْتُمْ ذَالِكَ فَدْعُوْاللهَ وَكَبِّرُوْاوَتَصَدَّقُوْاوَصَلُّوْا  (متفق عليه)
Dimana aranjeun narempo samagaha, aranjeun kudu ngadu’a ka Allah jeung talakbir sarta saridekah oge sarolat.  (HR.Bukhori jeung Muslim).
Katagiweuran hate jeung kasieun dina derna “Qiamat” dina “sakarotil maut” oge jaga di “akherat” tinangtu leuwih hebat tibatan kajadian-kajadian bencana alam nu kiwari geus biasa kasaksian ku urang sadayana.
Hadlirin Hamba Allah Rahimakumullah !
Bulan teh salah sahiji diantara benda-benda anu posisina kaitung pangdeukeutna ka jagat urang (Jagat bumi) dibandingkeung jeung benda-benda angkasa sejena, ari gedena bulan ceuk para ahli mah kurang leuwih 1/49 gedena jagat bumi.
Panon poe oge jagat bumi boga planet-planet nu marengan, sarta lumampah dina garis falakna, nyakitu deui  bulan, dinyatakeun ku Allah dina surat Yaa-sin ayat 39-40.
وَالْقَمَرَقَدَّرْنَاهُ مَنَازِلَ حَتَّى عادكالعرجون القديم(۳٩)لَاشَّمْسُ يَنْبَغِى لَهَاأَنْ تُدْرِكَ الْقَمَرَ وَلَاالَّيْلُ سَابِقُ النَّهَارِوَكُلٌّ فِى فَلَكِ يَسْبَحُوْنَ(٤٠)
..........jeung ari bulan teh ku Kami geus ditangtukeun tempatna, nepika balik deui, saperti palapah garing anu geus kolot (katingalna saperti bulan sabit). Henteu sapantesna panon poe miheulaan bulan, oge henteu sapantesna peuting miheulaan beurang, masing-masing lumampah dina garis falakna (QS. Yaa-Siin 39-44)
Hal ieu jadi Ibroh pikeun manusa, mun tea mah manusa oge lumampah dina aturanana teu nyimpang tinaaturan Allah jeung Rasulna, maka moal kajadian hirup silih tandasa atawa silih mangsa, silih bunuh jeung papada urang.
Hadlirin Ihwatul Iman .!
Dupi kajantenan samagaha bulan, lumangsungna dina nalika bulan keur purnama, nyaeta dina wanci kalangkang jagat moekan sabagian bulan, kajadianieu disebatna “Samagana sabagian bulan” upami kalangkang jagat bumi tos sagemblengna moekan bulan, maka disebatna “gerhana total” (khusuful Kulli), jagat bumi saheulaanan mopoek.
Keur ummat Islam lamun aya kajadian gerhana atawa samagaha, boh bulan atawa samagaha panon poe teu kudu galideur naon anu kudu dipigawe, tapi prak ngadaru’a, istighfar, neneda ka Gusti Allah swt. nu Maha Kawasa, prak sholat Khusuf atawa sholat kusuf, nyaeta sholat lantaran kajantenan samagaha, dumasar kan pidawuh Allah Swt. dina Surat Fushshilat (Surat ka  47) ayat 37.
وَمِنْ ءَايَتِهِ الَّيْلِ وَالنَّهَارِوَالشَّمْسِ وَالْقَمَرِ,لَاتَسْجَدُوْالِلشَّمْسِ وَلَالِلْقَمَرِوَاسْجُدُوْاِللهِ خَلَقَهُنَّ إِنْ كُنْتُمْ إِيَّاهُ تَعْبُدُوْنَ (۳۷)
Jeung sabagian tina tanda-tanda “Mantenna anu nuduhkeun kana maha tunggalNa teh, (Allah) nyiptakeun peuting jeung beurang oge panon poe jeung bulan, kulantaran kitu atuh aranjeun ulah sok sarujud ka panon poe, ulah sarujud ka bulan, tapi aranjeun kudu sarujud ka Allah anu ngadamel eta kabeh, lamun kaayaan aranjeun bener-bener ka MantenNa wungkul rek nyarembah.(QS. 47:37)
Oge ku kajantenan samagaha teu kenging dima’naan nu lain-lain, sapertos dikuat-kaitkeun sareng hiji kajantenan ku pedah maotna hiji jalma sareng ku pedah lahirna hiji jlama, tadi tos didugikeun sangkan jadi takhwif ka hamba-hambana, sabab ngaitkeun kajadian samagaha kana kajadian anu disebat diluhur, eta teh nyimpang aqidahna kana khurafat jeung tahayul  anu kadituna jadi musyrik. Saluyu sareng hadits ti Abi Musa:
إِنَّ هاذه الآيات الَّتِى يُرْسِلُهَااللهُ لاَتَكُوْنُ لِمَوْتِ أَحَدٍ اَوْلِحَيَاتِهِ وَلَكِنَّ اللهَ عَزَّوجَلَّ يُرْسِلُهَايُخَوِّفُ بِهَاعِبَادَهُ فإذَاراَيْتُمْ مِنْهَاشَيْئًافَافْزَعُوْااِلَى ذِكْرِاللهِ وَدُعَاءِهِ وَاسْتِغْفَارِهِ (متفق عليه)
Saestuna tanda-tanda (samagaha) anu dikersakeun ku Allah SWT. lain pedah ku maot jeung lahirna hiji jalma, eta mah estu kakawasaan Allah Azza wa jalla pikeun “Takhwif” ngelingan hamba-hambaNa dimana aranjeun narempo panon poe atawa bulan kajadian “samagaha”, maka aranjeun gura-giru eling ka Allah, ngadu’a sarta istighfar (HR.Bukhori jeung Muslim ti Abi Musa).
Hadlirin Ikhwatul Iman nu Mulyakeun Ku Allah !
Samgaha bulan atawa panon poe saleresna mah henteu kaitung bahaya pikeun manusa, teu kedah sieun-sieun teuing, anu kedah dipikasieun mun samagaha geus euntreup kana hate-hate manusa nu satuluyna moekan jiwa-jiwa manusa, akhlak jadi ruksak sarta lalampahan sejena ukur ngamadaratkeun sakuriling bungkingna, aparat jarahat, rakyat malarat, ka nagara khianat, nagara jadi walurat, paling rampog dimana-mana, naudzubillahi min dzalik.
Rasulullah SAW. sok mumuntang ka Allah SWT. sangkan diraksa tina poekna jiwa nu nyababkeun dipilampahna kajahatan jeung kamungkaran.
اَللَّهُمَّ اِنِّى اَعُوْذُبِكَ مِنْ شُرُوْرِ اَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ اَعْمَالِنا"
Abdi nyalindung ka Gusti Allah tina kajahatan jiwa jeung kajahatan amal”
Hadlirin Ikhwatul Iman ......!
Kango pamungkas dupi asal manusa purwa dumadi, wiwitan hirup di alam lakhir, hirup henteu mawa pawit, medal bari tanpa modal da pawit pangasih Gusti da modal kawelas nu Maha Heman.
Mugi nu Maha Agung maparin kakiatan ka abdi sadaya, geusan ngalaksanakeun pancen abdi sadaya, mangsana ngagayuh lakuning hirup, hirup nu katungkul ku pati, paeh teu nyaho dimangsa, sangkan hirup ati-ati, bisa ngajaga lampah jeung kedalna letah.
Pamungkas gerenteskeun ku hate sing jadi rumasa bobolokot dosa ku Istighfar jeung tobat kanu kawasa mun dikedalkeun mah kieu pipokeunana :

اَشْتَغْفِرُاللهَ وَاَتُوْب اِلَيْهِ: Abdi sadaya ka Gusti Tobat tina Dosa jeung Ma’siyat
اَشْتَغْفِرُاللهَ وَاَتُوْب اِلَيْهِ: Abdi sadaya ka Gusti Tobat tina Munkar jeung Sayyiat
اَشْتَغْفِرُاللهَ وَاَتُوْب اِلَيْهِ: Abdi sadaya ka Gusti Tobat tina Musyrik, Bid’ah  jeung Khurafat
اَشْتَغْفِرُاللهَ وَاَتُوْب اِلَيْهِ: Abdi sadaya ka Gusti Tobat tina Timbangan jeung Sukat
اَشْتَغْفِرُاللهَ وَاَتُوْب اِلَيْهِ: Abdi sadaya ka Gusti Tobat tina Lalawora Sholat

اَللهُ اَكْبَرْاَللهُ اَكْبَرْاَللهُ اَكْبَرْ,لآاِلَهَ اِلَّااللهُ وَاللهُ اَكْبَرْ, اَللهُ اكْبَرْوَللهِ الْحَمْدُ
ربناأتنافى الدنياحسنة وَّفِى الآخرة حَسَنَةًوَّقِنَاعَذَابَ النَّارِ
أَقُوْلُ قَوْلِ هَذَاوَاسْتَغْفِرُاللهُ لِيْ وَلَكُمْ
والسلام عليكم ورحمةالله وبركاته


Ciharalang, 20 Jumadil Ula 1439 H/06 Januari 2018
Penulis Tatang Zaenal Mustofa
Wk. Ketua PD PUI. Ciamis, Jawa barat









Tidak ada komentar:

Posting Komentar