Senin, 12 Februari 2018

TILU DIMENSI TAHUN ANYAR HIJRIYAH

الحمدلله الذي ألّف بين قلوبنافأصبحا بنعمته إخوانا.الحمدلله الذي ارسل رسوله بالهدى ودين الحق ليظهره علىالدين كله ولوكره المشركون. أشهد ان لاإله إلاالله وحده لاشريك له واشهد أنّ سيّدنا ونبيّنا محمداعبده ورسوله,لانبي بعده. اللهم ّصلّ علي محمّدوعلى اله واصحابه ومن تبعهم بإحسان إلى يوم الدين. اما بعد.فيا عبادالله ا تقوا الله حق تقاته ولاتموتن الا وانتم مسلمون قال الله تعالي في كتابه الكريم اعوذ بالله من الشيطانالرجيم  لن تنالوا البر حتي تنفقوا مما تحبون وما تنفقوا من شئ فان الله به عليم
TILU DIMENSI TAHUN ANYAR HIJRIYAH
1.      DIMENSI MASA ANU TOS KALANGKUNG
Makna tahun hijriyah sareng tahun masehi ngagaduhan akar filsafat anu berbeda, masehi diciptakeun tina hartos ngusap anu mangrupakeun mukjizat Nabi Isa nyaeta ngubaran anu gering kujalan ngusapkeun panangan Nabi Isa as. ka jalma anu gering, sedengkeun ari tahun Hijrah diciptakeun ku hiji tindakan pindah ti hiji tempat ka tempat anu sanes, ieu mangrupakeun hiji prestasi spektrakuler. Jadi anu ngabedakeun antara masehi sareng hijrah, upami masehi mah berbasis mukjizat, sedengkeun upami hijrah berbasis prestasi sareng usaha, tangtosna oge mukjizat ngan wungkul terjadi kanggo para  Nabi sareng Rasul, usaha anu ngahsilkeun prestasi itu deukeut pikeun urang salaku manusa biasa.
Dimensi masa anu tos kalangkung ieu penting pikeun urang sadayana pikeun dijadikeun eunteung keur gambaran ngalakonan masa anu keur dipigawe, jadai ngarayakeun tahun baru hijriyah sanes ngarayakeun dintenna, tapi anu leuwih penting perayaan tahun anyar ieu kedah janten hiji momentum pikeun usaha meperbaiki diri kujalan ngeunteung kana waktu anu geus kaliwat, margi teu hiji jalma oge nu bisa lepas tina masa anu tos kalangkung anu kedah jadi ka spion pikeun nuntun urang sadaya dina poe ayeuna. Lamun dina masa`nu tos kaliwat urang sadaya masih berlumuran dosa sareng kasalahan dina masa anu keur dijalani urang kudu berusaha pikeun ngahadean kalakuan piekun milarian Ridlo Allah swt.
2.      DIMENSI MASA AYEUNA (MASA ANU KEUR DILAKONAN)
Dimensi ieu kudu dijadikeun awal pikeun ngahadean diri, ulah nga saukur miharep kajadian akhir wungkul anu sae, sabab awal bakal nangtukeun akhir. Awal anu alus bisa ngajadikeun akhir anu alus sok sanajan ieu pdamelan teh bakal di uji, tong boro urang salaku manusa biasa, Nabi Muhammad saw anu dimaksum tina sagala kalepatan, bahkan dilindungi ku mega upami nuju angkat-angkatan tetep mantenna kenging ujian, sabab ujian ti Allah Swt, ngarupikeun hiji proses pikeun ningkatkeun kualitas pribadi urang sadayana. Sabab satiap urang bercita-cita pikeung ngalakukeun amal shaleh tangtos bakal gogodana, lamun urang sukses ngalkasanakeun padamelan anu sae masihan darajat anu luhur pikeun urang sadayana, tapi sabalikna lamun gagal Allah masihan peringatan ka urang sadaya sesuai sareng firman Allah Kaburo maktan indallah, antakuluu maa laa taf’alun. “ Allah kacida benduna ka manusa anu nyarios tapi kalakuanana teu akur jeung anu dicaritakeunana” ku sabab kitu ieu dimensi kudu dieusian ku amal soleh.
3.      DIMENSI MASA NU BAKAL DATANG
Dimensi ieu mangrupa dimensi masa depan masa ieu tiasa oge disebut masa gaib kumargi kitu urang sadaya ngarencanakeunmasa depan, sabab masa depan ieu dibangun ku masa anu keur dijalani ulah nimbulkeun kahanjakalan engke jaga dimana urang ngalakonan hirup anu panjang di Akherat, sabab hirup di dunya mah sementara (ngan sakedap). Hirup anu ngan sakedap ieu bakal nangtukeun kualitas hirup anu kacida panjangna (abadi), maka jadikeun masa anu pondok ieu pikeun ngarencanakeun anu bermartabat sarta mangfaat pikeun kahirupan. “Bagja dunya bagja akhirat” sabab manusa bakal ditingali “seberapa besar kemanfaatannya bagi orang lain, bukan seberapa besar dapat mendapatkan manfaat dari orang lain”.
Mudah-mudah urang sadayana tiasa ngalakonan kahirupan di masa anu keur dilakonan ieu ku Allah ditebih tina godaan syetan. Amin Ya Rabbal”alamin.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar